sawer (nyawer) nyaeta upacara nu dilakukeun sabada kawinan. sawer
asal kecap tina awer, hartina cai nu ragrag nyerepet, luyu jeung praktek
juru sawer nu ngawur-ngawur kalengkepan nyawer umpamana nyimbeuhkeun
cai ka panganten jeung sakabeh nunyaksian. tapi bisa oge disebut nyawer
lantarakeun sok dilaksanakeun dina panyaweran, nyaeta tempat ragrag cai.
aya oge kalengkepan nu sok dipake nyawer nyaeta beas bodas,duit,
kembang,koneng, tektek (daun sereh nu digulungkeun anu eusina a[u,
gambir, jambe). sakabeh kalengkepan tadi diasupkeun kana bokorun tina
perak atawa kuningan.
koneng diumpamakeun emas, nungalambangkeun kamuliaan, beas
ngalambangkeun kabagjaan atawa pangan, duit ngalambangkeun rejeki atawa
harta, kembang ngalambangkeun seungit, sedangkeun tektek ngalambangkeun
karukunan.
juru sawer diselang-seling sok bari ngajelaskeun yen saolah-olaha
manehna ngawur-ngawur harta banda anu kudu dipimilik ku kadua panganten
saenggeusna rumah tangga engke. lain ngan saukur miceun jeung euweuh
gunana, mere pituduh kamanehna supaya lamun manehna hirup meunang
kabagjaan jeung kasenangan, kudu bisa nulung kanu lemah, kudu mere
maweh, mere sidekah kasaha wae nu ngabutuhkeun utamana ka baraya, boh ti
awewe, atanapi ti lalaki.
juru sawe ngawur-ngawur eusi sok bari diselang-seling ku syair nu
ditembangkeun. sabenerna maksud utamana dina upacara nyawer ieu nyaeta
syair-syair nutadi. aya oge intisari tina syair yaeta ijin jeung
pangampura ti kolot, ti hadirin anu hadir, ka panganten ; mapagahan ka
panganten awewe supaya ngabdi ka panganten lalaki kalawan ikhlas jeung
rido, kitu deui panganten lalaki, kudu bisa ngabales pangabdian
panganten awewe supaya teu beurat sabeulah.
kadua belah pihak kudu bisa silihasih, silihasuh, sialalihpikanyaah,
silihbela, jeung silihjeujeuhkeun. lamun salaerhatianh saurang keur
amarah, atawa ngambek, nu saurang kudu ngelehan atawa ngajauhan supaya
teu jadi pasea nu leuih rosa. pihak nu hiji kudu bisa ngahibur pihak nu
hiji deui saumpamana ngalaman kasedih.
kudu ngabogaan perhatian jeung panghargaan ka sakabeh kulawarga kadua
belah pihak, ulah dibeda-bedakeun, leuwih-leuwih ka mitoha
masing-masing. mikanyaah, hormat jeung ngahargaan jiga ka kolot
sorangan. kitu deui jeung tatangga atawa baraya kudu hade.
ngadoakeun supaya kadua panganten meunang rahmat ilah, meunang
kasalametan jeung kabagjaan dina ngabina rumah tangga, hirup rukun
nepika ahir hayat